Postingan

aksara sunda

Gambar
Aksara Sunda Aksara téh nyaéta sistem tanda-tanda grafis (tulisan) anu dipaké ku manusa pikeun komunikasi sarta ngawakilan omongan (Moeliono Spk., 1988:16). Ku kituna, aksara téh jadi gambaran sora ku gurat diringkel-ringkel nepi ka uni jeug kabaca (Danadibrata, 2009:11).   Ari aksara Sunda nyaéta aksara nu dipaké ku urang Sunda anu dirundaykeun tina aksara Pallawa, nyaéta aksara nu dipaké nuliskeun basa India Kidul, anu béh dituna dirundaykeun tina aksara Brahmi, nyaéta aksara nu dipaké nuliskeun basa India Kuno. Mimitina mah aksara Sunda téh dipaké dina prasasti, piagam, jeung naskah kuno. Aksara mangrupa salah sahiji ciri kamajuan adab sarta alat pikeun ngaronjatkeun kamekaran suku bangsa. Masarakat Sunda, saméméh wanoh kana aksara, kahirupan sapopoéna masih kaasup sederhana. Tapi sanggeus mikawanoh aksara, kahirupan masarakatna jadi leuwih ngaronjat tur maju. Aksara ogé, salian ti némbongkeun ‘jati diri ’ tur ‘ajén diri’, bisa dianggap salaku ‘wates’ kahirupan manusa anta...