aksara sunda
Aksara
Sunda
Aksara
téh nyaéta sistem tanda-tanda grafis (tulisan) anu dipaké ku manusa pikeun
komunikasi sarta ngawakilan omongan (Moeliono Spk., 1988:16). Ku kituna, aksara
téh jadi gambaran sora ku gurat diringkel-ringkel nepi ka uni jeug kabaca
(Danadibrata, 2009:11). Ari aksara Sunda
nyaéta aksara nu dipaké ku urang Sunda anu dirundaykeun tina aksara Pallawa,
nyaéta aksara nu dipaké nuliskeun basa India Kidul, anu béh dituna dirundaykeun
tina aksara Brahmi, nyaéta aksara nu dipaké nuliskeun basa India Kuno. Mimitina
mah aksara Sunda téh dipaké dina prasasti, piagam, jeung naskah kuno.
Aksara mangrupa salah sahiji ciri kamajuan adab
sarta alat pikeun ngaronjatkeun kamekaran suku bangsa. Masarakat Sunda, saméméh
wanoh kana aksara, kahirupan sapopoéna masih kaasup sederhana. Tapi sanggeus
mikawanoh aksara, kahirupan masarakatna jadi leuwih ngaronjat tur maju. Aksara
ogé, salian ti némbongkeun ‘jati diri’ tur ‘ajén diri’, bisa dianggap
salaku ‘wates’ kahirupan manusa antara jaman ‘prasajarah’ ka jaman sajarah.
Aksara Sunda mangrupa
aksara tradisi anu jadi ciri, jatidiri jeung kareueus sélér bangsa Sunda nu
mibanda éta aksara. Aksara Sunda raket patalina jeung tilu perkara, nyaéta (1)
aksara Sunda bakal langsung nyoko kana sélér bangsa Sunda anu mibanda éta
aksara; (2) ayana kanyataan yén henteu sakumna bangsa di alam dunya mibanda
sistem aksara sorangan; jeung (3) aksara Sunda mangupa sungapan pangwangunan
jatidiri bangsa anu ayana jadi kareueus urang Sunda (Baidilah dkk., 2008:23).
2. Mapay Raratan Aksara Sunda
Aksara Sunda téh
dirundaykeun tina aksara Pallawa, anu dirundaykeun tina aksara Brahmi. Sungapan
tur kokocoran aksara nepi ka lahir aksara Sunda bisa diilikan dina tabél ieu di
handap.
Aksra Hioreglif Mesir
Aksara Semkit Buhun
Semit
Kalér Semit
Kidul
Araméa Fénisia
Aksara
Afrika
Ibrani Brahmi Yunani
Parsi Arab
Nagari Pallawa Kiril
Etruski
Han’gul Sunda Latén
Jawa
Bugis
Réncong
Thai
Aksara Sunda meunang
pangaruh tina aksara Pallawa ti India Kidul. Dina dasarna aya tilu wanda aksara
Pallawa, nyaéta (1) Pallawa Awal, anu
museur kana modél aksara Calukya jeung Venggi; (2) Pallawa Panuluy, anu museur
kana modél aksara Pali (Ava jeung Siam) katut Kamboja; sarta (3) aksara Nagari,
anu nyoko kana modél Déwa Nagari jeung Népal.
Aksara Pallawa Awal
nyoko kana ciri-ciri aksara dina prasasti abad ka-3 nepi ka-5 Maséhi di India
Kidul jeung Sri Langka. Ieu aksara téh kapanggih dina prasasti mangsa
Tarumanagara saperti prasasti Ciaruteun
atawa Kebonkopi I (+ 450 M) jeung prasasti Tugu (+ 450 M).
Aksara Pallawa
Panerus dipaké dina prasasti abad ka-6 nepi ka ka-8 Masehi. Ieu aksara téh
kapanggih dina prasasti Kebonkopi II, anu ngawawarkeun yén Rakryan Juru Pangambat dina taun kawihaji panca pasagi (458 Caka atawa 536 Masehi), ngeunaan
ngalélér tahta pikeun Haji ‘Raja’
Sunda.
Bukti dipakéna aksara
jeung basa Sunda buhun kapanggih dina Prasasti
Geger Hanjuang di Leuwisari Tasikmalaya. Satuluyna, dina mangsa Karajaan Sunda (mangsa Pakuan Pajajaran-Galuh,
abad ka-8 nepi ka ka-16 Maséhi), jaba ti kapanggih prasasti jeung piagem (Geger
Hanjuang, Sanghayang Tapak, Kawali, Batutulis, jeung Kabantenan), kapanggih ogé naskah-naskah anu jumlahna kaitung réa (Carita Parahyangan, Fragmen Carita
Parahyangan, Carita Ratu Pakuan, Kisah Perjalanan Bujangga Manik, Kisah Sri
Ajnyana, Kisah Purnawijaya, Sanghyang Siksakandang Karesian, Sanghyang Raga Déwata,
Sanghyang Hayu, Pantun Ramayana, Serat Déwabuda, Serat Buwana Pitu, Serat Catur
Bumi, Séwaka Darma, Amanat Galunggung, Darmajati, Jatiniskala, dana Kawih Paningkes.
Di Jawa Barat kungsi
dipaké tujuh wanda aksara, nyaéta aksara Pallawa, Pranagari, Sunda Kuno, Jawa
(Carakan), Arab Pégon, Cacarakan, jeung Latén. Aksara Pallawa jeung Pranagari
(abad ka-5 nepi ka abad ka-7 Maséhi, kira-kira lilana tilu abad); Aksara Sunda Kuno (abad ka-14 nepi ka
abad ka-18 Maséhi, kira-kira lilana lima abad); Aksara Jawa atawa Cacarakan
(abad ka-11 jeung abad ka-17 nepi ka abad ka-19 Maséhi, kira-kira lilana opat
abad); Aksara Arab Pégon (abad ka-17
nepi ka pertengahan abad ka-20 Maséhi, kira-kira tilu abad); Aksara Cacarakan (abad ka-19 nepi ka
pertengahan abad ka-20 Maséhi, kira-kira dua abad); jeung Aksara Latén (ahir abad ke-19 nepi ka ayeuna).
3. Wangun Aksara Sunda
Aksara Sunda kagolong
kana aksara silabis lantaran saaksara ngalambangkeun saengang. Tangtu waé ieu
aksara téh béda jeung aksara Latén anu sipatna fonétis lantaran tiap aksara
ngalambangkeun sasora atawa aksara Cina nu sipatna logosilabis lantaran tiap
aksara ngalambangkeun sakecap. Aksara Sunda aya opat wangun, nyaéta (a) aksara swara, (b) aksara ngalagena, (c)
aksara angka, jeung (4) rarangkén (tanda vokalisasi).
a.
Aksara Swara
Aksara swara nyaéta aksara anu kalawan silabis
mibanda harokat sora vokal anu dina sistem aksara Sunda buhun jumlahna aya lima
siki. Cara nulis aksara swara bisa diilikan tina gurat beureum dina wangun
aksara.
Wangun aksara Sunda kaasup
rarangkénna ditulis dina posisi rada déngdék antara 45°-75°. Babandingan ukuran
wangun aksara dasar nu mangrupa aksara swara ‘vokal’ umumna ditulis 4:4. Ukuran
wangun aksara swara ébréh dina kotak-kotak ieu di handap
b.
Aksara Ngalagena
Aksara ngalagena nyaéta lambang sora anu
disawang minangka foném konsonan anu kalawan silabis ngandung sora vokal /a/.
Jumlah aksara Sunda ngalagena aya dalapan welas aksara, anu susunanana
diluyukeun kana kalungguhan alat-alat ucap (artikulasi-artikulator).
Runtuyanana /ka ga nga ca ja nya ta da na pa ba ma ya ra la wa sa ha/.
Cara nulis aksara ngalagena bisa diilikan tina
gurat beureum anu aya dina luhureun wangun aksarana ieu di handap.
Wangun
aksara Sunda kaasup rarangkénna ditulis dina posisi rada déngdék antara
45°-75°. Babandingan ukuran wangun aksara dasar aksara ngalagena umumna ditulis 4:4, iwal ti aksara ngalagena
/ra/ nya éta 4:3, pikeun /sya/ nya éta 4:5, pikeun /ba/,
/kha/, jeung /nya/ nya éta 4:6; sarta pikeun aksara sora /i / nya
éta 4:3.
Ukuran wangun aksara ngalagena ébréh dina
kota-kotak ieu di handap.
Pancén
Eusian kolom nu dikosongkeun ku aksara Sunda
anu bener!
Aksara Latén
|
Aksara Sunda
|
Aksara Latén
|
Aksara Sunda
|
aba
|
bao
|
||
ésa
|
bau
|
||
éva
|
baeu
|
||
iga
|
cai
|
||
ika
|
cau
|
||
ica
|
kai
|
||
ita
|
jaé
|
||
mata
|
waé
|
||
mawa
|
saga
|
||
maha
|
saka
|
||
yana
|
sada
|
||
yasa
|
saha
|
||
raka
|
haja
|
||
raga
|
hapa
|
||
raca
|
hama
|
||
raja
|
ana
|
||
rata
|
apa
|
||
rada
|
ama
|
||
rama
|
aya
|
c. Angka
Angka nyaéta lambang bilangan. Nuliskeun
lambang angka puluhan, ratusan, jeung satulunna ditulis ngaruntuy ti “kénca ka
katuhu”. Angka ditulis di antara dua gurat tegak |...|. Cara
nuliskeun angka ku aksara Sunda ébréh ieu di handap.
Wangun
aksara Sunda kaasup rarangkénna ditulis dina posisi rada déngdék antara
45°-75°. Babandingan ukuran wujud
wilangan dasar dina umumna ditulis 4:4, iwal ti pikeun wilangan atawa angka /4/
jeung angka /5/ nya éta 4:3.
d. Tanda
Vokalisasi (Rarangkén)
Lambang pananda vokalisasi aksara Sunda Buhun
kabéhna aya 14 siki, anu cara nuliskeunana ditempatkeun di luhureun aksara, di
handapeun aksara, atawa sajajar jeung aksara swara atawa aksara ngalagena boh
di hareupeunana boh di tukangeunana.
(1) Rarangkén
ditulis “di luhureun” Aksara Dasar
Rarangkén
atawa tanda vokalisasi anu ditulis “di luhureun” lambang aksara dasar jumlahna
aya 5 siki, nyaéta pamepet, paneuleung, panghulu, panglayar, jeung panyecek.
Pamepet gunana pikeun ngarobah sora /a/ jadi sora /e/. Paneuleung gunana pikeun
ngarobah sora /a/ jadi sora /eu/. Panghulu gunana pikeun ngarobah sora /a/ jadi
sora /i/. Panglayar gunana pikeun nambahan sora /r/ di tungtung engang.
Panyecek gunana pikeun nambahan sora /ng/ di tungtung engang. Sangkan leuwih jéntré
bisa diilikan dina tabél ieu di handap.
Cara nuliskeun rarangkén di
luhureun aksara Sunda bisa bisa diilikan tina gurat beureum ieu di handap.
(1) Rarangkén
nu ditulis “di handapeun”
Aksara Dasar
Rarangkén atawa tanda vokalisasi anu ditulis
“handapeun” lambang aksara dasar jumlahna aya 5 siki saperti ieu di handap.
Panyuku gunana pikeun ngarobah sora /a/ jadi
sora /u/. Panyakra gunana pikeun nambahan sora /r/ dina réndonan konsonan.
Cara nuliskeun rarangkén (panyuku, panyakra,
jeung panyiku) di handapeun aksara Sunda bisa diilikan tina gurat beureum ieu
di handap.
Ukuran
wujud tanda rarangkén umumna ditulis 2:2, iwal ti panyecek /+ng/ nyaéta 1:1, panglayar /+ r/ nyaéta
2:3,
(1) Vokalisasi
Ditulis “Sejajar” dengan Aksara Dasar
Tanda vokalisasi yang ditulis “sejajar” dengan
lambang aksara dasar berjumlah 5 buah sebagai berikut.
Panéléng gunana pikeun
ngarobah sora /a/ jadi sora /é/. Panolong gunana pikeun ngarobah sora /a/ jadi
sora /o/. Pamaéh gunana pikeun ngaleungitkeun sora /a/ dina aksara ngalagena.
Pangwisad gunana pikeun nambahan sora /h/ dina tungtung engang anu muka.
Pamingkal gunana pikeun nambahan sora /y/ dina réndonan konsonan.
Cara nuliskeun rarangkén dina aksara Sunda bisa
bisa diilikan tina gurat beureum dina luhureun angka ieu di handap.
Ukuran wujud tanda rarangkén umumna ditulis
2:2, iwal ti panyecek /+ng/ nya
éta 1:1, panglayar /+ r/
nya éta 2:3, panyakra /+ ra/ nya éta 2:4, pamaéh nya
éta 4:2, jeung pamingkal /+ya/ nya éta 2;4 (handap)
sarta 3:2 (gigireun katuhu).
Pancén
a. Nulis Aksara Sunda
Titénan kalimah-kalimah ieu di handap sarta conto salinanana dina aksara Sunda.
1)
Jaja
angkat balanja ka pasar.
2)
Di
gigireun masjid aya imah Pa
Haji.
3)
Dudung
subuh-subuh tuturubun mulung dukuh.
4)
Calana
merecet mah hésé maké hésé ngalaan.
5)
Kudu
dipikir dibulak balik dibeuweung diutahkeun.
6)
Otong
bongkok nyonyoo londok di kolong.
7)
Euleuh-euleuh
beuheung ceuceu ceuleugeug.
8)
Manéhna
bulak=balik ka tukang ka hareup.
9)
Satungtung
ngajugjug ngidul, kalér deui kalér deui.
10)
Ka
lihir ka girang siga nu euweuh kacapé.
Komentar
Posting Komentar