Materi carpon
Wacana anu bieu dibaca di
luhur téh mangrupa carita pondok atawa carpon. Ukuranana mémang pondok, bisa
dibaca ukur lima nepi ka sapuluh menit. Karangan prosa fiksi anu wangunna
pondok siga kitu téh lain ngan carpon wungkul, aya ogé nu disebut dongéng.
Lamun carpon ilaharna nyaritakeun kajadian nyata, ari dongéng umumna ngandung
unsur pamohalan.
Carita pondok téh nyaéta
carita rékaan (fiksi) tina tingkah laku manusa anu nyaritakeun kahirupan
masarakat atawa manusa sapopoé anu méré kesan lir enya-enya kajadian. Eusina
biasana teu leupas tina ajén atikan jeung moral pikeun pieunteungeun atawa
picontoeun hususna anu macana.
Carita pondok téh sok
disingget jadi carpon. Carpon téh najan nyaritakeun hirup jeung huripna manusa,
tangtu lain sagemblengna, biasana ukur nyokot tina sempalan (épisode) kajadian
utama manusa. Pantes mun ieu genre sok disebut carita pondok ogé
lantaran ukuranana pondok. Lebah ukuran pondok téa, aya nu diukur ku jumlah
kecapna antara 5.000-10.000 kecap. Aya
ogé anu diukur ku waktu macana, kurang leuwih saparapat jam, upama dibaca nepi
ka réngsé téh.
2. Ciri-ciri Carita Pondok
Unggal carita miboga ciri anu mandiri anu ngabédakeun jeung karya
lianna. Carita pondok ngabogaan ciri-cirina nu mandiri. Sumardjo (1980)
nyebutkeun yen carita pondok teh wangun fiksina pondok, sifat caritana naratif, lain argumentatif, carita fiksi tapi kudu réalistis mangrupa hiji
kajadian. Leuwih lengkep deui, ceuk Tarigan (1994: 177-178), carita pondok
miboga ciri-ciri, nya éta:
a.
Wangun fiksina pondok; hartina wangun
fiksina pondok nyaéta saumpama ditilik tina jumlah kecapna atawa caritana leuwih
saeutik ti batan prosa-prosa séjén
b.
Sifat caritana naratif; hartina sifat caritana
naratif nya éta carita pondok téh ngan ukur nyaritakeun kajadian-kajadian nu
kaalaman ku palaku, lain déskriptif, arguméntatif atawa analisis
c.
Caritana mangrupa karangan fiksi; hartina dina carita
pondok nya éta anu dicaritakeun téh mangrupa kajadian anu lain saenyana atawa
bener-bener anu kaalaman ku manusa (ukur rékaan)
d.
Eusi carita umumna réalistis; hartina najan
mangrupa hasil rékayasa pangarang, tapi tetep jalan caritana kudu kaharti ku
akal
e.
Carita pondok kudu mangrupa hiji kajadian; hartina carita pondok
nyaritakeun hiji kajadian kudu gembleng atawa museur kana hiji implengananu
jadi téma dina éta carita
f. Basa nu digunakeun kudu singget tapi munel, seukeut, sugestif jeung
ngirut; hartina basa anu digunakeun dina carita pndok téh kudu singget, teu
ngayayay, munel, seukeut jeung sugestif anu narik ati pikeun nu maca.
3. Kamekaran Carita Pondok
Carita pondok mimiti aya dina pajemuhan sastra Sunda dina majalah Parahiangan, ahir taun 1920-an. Ari
kumpulan carita pondok anu munggaran dina basa Sunda nya éta Dog-dog Pangréwong karangan G.S. anu
medal taun 1930. Jadi leuwih ti heula genep taun, upama dibandingkeun jeung
buku carita pondok munggaran dina sastra Indonésia, Téman Duduk karangan M. Kasim, anu terbit taun 1936.
Minangka gambaran sejen
tina kamekaran carita pondok, di antarana, ebreh tina buku-buku kumpulan carita
pondok. Geura urang tataan sawatara judul buku kumpulan carita pondok katut
pangarangna atawa nu ngumpulkeunana. Contona:
(1)
Aam Amilia: Panggung
Wayang;
(2)
Abdullah Mustappa: Nu
Teu Kungsi Kalisankeun;
(3)
Ahmad Bakri: Ki
Mérébot, Ayatrohaédi: Hujan
Munggaran;
(4)
Caraka (sandiasma Wiranta): Néangan;
(5)
Éddy D. Iskandar: Tali
Asih anu Nganteng, Lembur Singkur Panineungan;
(6)
Godi Suwarna: Murang-maring,
Serat Sarwasatwa.
Salian ti éta, aya antologi
carita pondok, nya éta Kanjut Kundang
(dihijikeun jeung puisi katut sempalan novel) beunang Ajip Rosidi jeung
Rusman Sutiasumarga, Sawidak Carita Pondok dikumpulkeun ku
Duduh Durahman, Abdullah Mustappa, jeung Karno Kartadibrata, Guriang Tujuh, kumpulan karya
parapangarang wanita “patrem”, Petingan,
beunang Duduh Durahman, Salumar Sastra
(dihijikeun jeung puisi katut éséy), mangrupa kumpulan pinunjul “Hadia Sastra
LBSS”.
4. Papasingan Carita Pondok
Carita pondok bisa dipasing-pasing jadi sababaraha rupa. Tarigan
(1994:178) ngabagi carita pondok dumasar kana dua pamiangan, nyaéta dumasar
kana jumlah kecapna jeug dumasar kana ajén-inajénna. Dumasar kana jumlah
kecapna, nurutkeun Brooks dina Tarigan (1994:178), aya dua rupa carita pondok,
nyaéta short-short story (carpon
anu pondok) jeung long short story
(carpon anu panjang). Anu dimaksud ku short
short story nyaéta carita pondok anu jumlah kecapna kurang ti 5000 kecap,
maksimum 5000 kecap, atawa kira-kira 16 kaca kuwarto dua spasi, anu bisa dibaca
dina waktu kira-kira saparapat jam. Ari long
short story nyaéta carpon anu jumlah kecapna di antara 5.000 nepi ka 10.000
kecap; minimal 10.000, atawa kira-kira 33 kaca kuwarto dua spasi, anu bisa
dibaca kira-kira satengah jam. Carpon anu panjang téh dina sasra Sunda mah rada
langka. Kiwari muncul carita anu pohara pondokna, ukuranana mini, ukur
saparagraf, nu disebut fiksi mini (fiksmin).
5. Unsur Intrinsik Carita Pondok
Unsur intrinsik mangrupa unsur-unsur anu
ngawangun karya sastra. Unsur-unsur intrinsik karya sastra winangun prosa bisa
dipaké ku carpon. Dina umumna mah unsur-unsur carpon téh ngawengku tokoh jeung
watekna; galur (plot) nu patali jeung
téhnik nyaritakeun (penceritaan); latar (setting)
anu nyoko kana tempat, waktu, jeung suasana; téma, amanat atawa pesan; puseur
sawangan jeung puseur carita; jeung gaya basa. Ieu hal téh luyu jeung pamadegan
Sudjiman (1992:103) anu nétélakeun kieu:
Unsur-unsur yang bersama-sama membangun cerita, yaitu
individu yang mengalami atau terlihat (tokoh) di dalam berbagai peristiwa yang
disajikan dengan urutan tertentu (alur) di dalam ruang dan waktu (latar),
dilandasi gagasan tertentu (tema) dan boleh jadi mempunyai tujuan tertenu
(amanat). Siapa yang menyajikan cerita (pencerita) dari sudut mana ia bercerita
(sudut pandang), tokoh mana yang dipilihnya sebagai pusat sorotan (fokus
pengisahan), bagaimana watak tokoh diungkapkan (penokohan), dan bagaimana peristiwa-peritiwa
di dalam cerita disajikan (teknik penceritaan).
Patali
jeung carita rékaan atawa prosa fiksi, Robert Stanton
(1965:11,25) nyebutkeun tilu unsur intrinsik, nyaéta (1) fakta carita (galur, tokoh, jeung latar), (2) téma, katut (3) sarana
sastra (literary devices) saperti puseur sawangan (point of views), gaya, jeungjudul. Unsur intrinsik carpon minangka prosa
fiksi bisa dibagankeun ieu di handap.
Téma
Alur
Fakta cerita penokohan
Latar
UNSUR INTRINSIK
Pusat
Pengisahan
Sarana
Sastra Gaya dan nada
Judul
a.
Téma jeung
Amanat Carita
1)
Téma Cerita
Téma mangrupa ideu tina hiji carita. Nya téma
anu ngadadasaran ayana carita sarta jadi pamiangan pangarang dina midangkeun
karya rékaan anu diciptana (Aminuddin, 2002:107-108). Téma mangrupa dadasar
atawa ma’na tina hiji carita (Tarigan (1994:125). Téma nyaéta gagasan, ideu,
atawa pikiran utama anu ngadadasaran hiji carita (Sudjiman, 1992:30). Éta watesan téma téh sajalan jeung pamadegan
Winterowd (1991:298, dina Nurgiyantoro (2007:67) anu nétélakeun yén “the theme of a story is the deeper meaning,
the idea that underlies the narrative” ‘[téma carita nyaéta ma’na anu
dikandung dina carita, ideu anu ngadadasaran carita). Téma mangrupa ideu nu
ngadadasaran carita nepi ka peranna jadi titik pamiangan pangarang dina
midangkeun karya rékaan nu diciptana (Aminuddin, 2002:91).
Téma téh nyaéta inti pikiran atawa puseur
implengan pangarang atawa inti pikiran nu aya dina prosa fiksi. Pikeun
nangtukeun hiji téma, urang kudu maca éta carita sagemblengna. Sakapeung téma
prosa fiksi ogé disebutkeun dumasar kana téma umumna, upamana baé téma cinta,
kapahlawanan, kulawarga, atikan, Lingkungan hirup, jeung sajabana. Tangtu baé
anu dimaksud di dieu mah lain téma umum
samodél kitu, tapi téma anu leuwih spésifik luyu jeung karangan anu geus
dibaca.
2)
Amanat Cerita
Amanat
bisa dihadirkeun dina carita kalawan nyamuni (implisit) bisa nembrak
(éksplisit). Amanat ditepikeun kalawan nyamuni lamun ajaran moral disamunikeun
dina paripolah tokoh waktu carita rék pungkas. Ari nu ditepikeun kalawan
nembrak lamun pangarang di tengah carita atawa di tungtung carita nepikeun
panggero, saran, pangwawadi, naséhat, panyaram, jsté. Patali jeung gagasan nu
ngadadasaran éta carita (Sudjiman, 1992:58).
Contona
waé, amanat carpon “Néng Yaya Gering Tipes” nyaéta ‘hirup téh kudu boga pikir
rangkepan, ulah percaya kitu waé kana omongan batur, lantaran balukarna bisa
katipu’.
b. Fakta Carita
Fakta
carita raket patalina jeung tilu unsur carita, nyaéta tokoh, galur, jeung
latar. Éta tilu unsur fakta carita téh masing-masing dipedar ieu di
handap.
1) Tokoh Carita
Palaku atawa tokoh carita nya éta
ngaran-ngaran, boh jalma boh sasatoan, anu ngalakon dina carita. Loba saeutikna
palaku dina carita, gumantung kana kabutuh caritana baé. Umumna palaku dina
carita pondok leuwih saeutik batan palaku novel. Sanajan ukur fiksi, palaku téh
hirup sakumaha manusa biasa, di antarana waé,
boga kahayang jeung karakter (pasipatan) anu tangtu. Naha sakur palaku
utama boga pasipatan anu hadé? Saperti sabar, bageur, pinter, nurut ka kolot,
nyaah ka sasama, jeung sajabana. Henteu. Maksud téh henteu kabéh kitu.
Éta gambaran karakter téh aya nu digambarkeun
langsung ku pangarangna, aya ogé anu digambarkeun henteu langsung. Anu teu
langsung, katémbongna téh dina caritaan si palaku, sikepna dina nyanghareupan
masalah, tina caritaan palaku séjén, tina sikepna ka nu lian, tina paripilahna
sapopoé, jeung sajabana.
Dumasar kana kalungguhanana atawa pentingna
peran masing-masing dina carita, palaku téh bisa dibagi jadi tilu rupa:
(a) Palaku Utama
Palaku utama atawa palaku
kahiji, disebut ogé protagonis, nya éta palaku anu nyekel peran ti awal nepi ka ahir. Tokoh protagonis
biasana ngabogaan karakter anu pikaresepeun, pikayungyuneun, cindekna tokoh anu
bageur.
(b) Palaku kadua
Palaku kadua atawa palaku
tamMatéri, nya éta palaku anu marengan, maturan, atawa jadi lawan palaku utama.
Upama éta palaku kadua téh lawan palaku
utama, sok disebut antagonis. Tokoh antagonis karakterna biasana réhé,
pikasebeleun, anu cindekna mah tokoh anu jahat.
(c) Palaku TamMatéri
Palaku tamMatéri nya éta parapalaku anu peranna teu pati penting. Biasana palaku
tamMatéri dipikabutuh pikeun ngalancarkeun carita ngahirupkeun suasana,
nonjolkeun karakter palaku utama atawa palaku tamMatéri, malah bisa jadi ngan
ukur ngaliwat wungkul.
Nurgiyantoro (2007:177-194)
nyebutan sababaraha rupa tokoh anu aya dina carita saperti ébréh dina tabél ieu
di handap.
Tabel 11. 1Wanda Tokoh
Papasingan
|
Wanda Tokoh
|
Dumasar kana tahapan
atawa peran palaku dina mekarkeun galur atawa kautamaan tokoh.
|
Tokoh utama (central character, main character)
jeung tokoh panambah (peripheral
character)
|
Dumasar kana fungsi tagog
tokoh.
|
Tokoh protagonis jeung
tokoh antagonis
|
Dumasar kana cara
midangkeun tokoh katut watekna.
|
Tokoh datar atawa tokoh
sederhana (simple or flat character)
jeung tokoh ruwed tur buleud (complex
or round character)
|
Dumasar kana mekar
henteuna watek tokoh.
|
Tokoh statis (static character) jeung tokoh mekar (developing character).
|
Dumasar kana
ngeunteungkeun tokoh carita
|
Tokoh tipikal (typical character) jeung tokoh nétral
(netral character)
|
Pikeun ngagambarkeun watek
tokoh, biasana pangarang ngagunakeun dua téhnik, nyaéta (1) téhnik pedaran (telling), téhnik ékspositori (expository) atawa tehnik analitik (analytic) jeung (2) téhnik ragaan (showing), téhnik diskursif (discursive) atawa téhnik
dramatik (dramatic) (Abrams,
dina Nurgiyantoro, 2007:194). Dina téhnik pedaran, pangarang ngagambarkeun
kalawan langsung tur wincik ngeunaan tokoh carita saperti jatidiri, sipat,
watek, paripolah, malah ciri warugana tur dianalisis data-datana ngeunaan
hadirna tokoh.
Contona waé, palaku dina
carpon “Néng Yaya Gering Tipes”, nyaéta palaku utamana téh Néng Yaya Rohaya.
Ari palaku tamMatéri nyaéta (1) Bi Imi, indungna Néng Yaya, (2) Mang Endang,
bapana Néng Yaya, (3) lanceukna Néng Yaya, (4) Wirahma, uana Néng Yaya, (5) Si
Tori, tatanggana Néng Yaya, (6) Mang Wijatma, (7) anana Mang Wijatma, (8)
tatanggana Néng Yaya, (9) dokter, jeug (10) suster.
2) Galur (Plot) Carita
Galur mangrupa runtuyan carita anu diwangun tina tahapan kajadian nepi
ka ngawujud gunggungan carita nu dimunculkeun ku tokoh carita (Abrams,
1981:137). Galur minangka runtuyan kajadian dina karya sastra pikeun ngahontal
éfék nu tangtu (Sudjiman, 1992). Éta
runtuyan carita téh bisa diwujudkeun ku runtuyan waktu bisa ku runtuyan
sabab-akibat. Galur, alur, atawa plot téh
nya éta runtuyan kajadian anu ngawangun hiji carita. Cara midangkeunana
diluyukeun jeung tujuan anu hayang dihontal ku pangarangna. Ditangtukeun heula
pandeurina, hubungan kajadian nu hiji jeung kajadian séjénna, jeung sajabana.
a) Bubuka (éksposisi)
Babagian bubuka disebut ogé
manggalasastra, nyaéta bagian anu nyaritakeun latar tempat, waktu, katut
palakuna. Minangka ngawanohkeun anu rék ngalalakon katut kasang tukang séjénna
anu dianggap perlu.
b) Muncul masalah (Konflik)
c) Masalah muncer (Klimaks)
Masalah téh mimiti
ngarékahan, ngalobaan, atawa ngajeroan, nepi ka muncerna. Bagian ieu mangrupa
puncer kajadian dina carita tina runtuyan kajadian saheulaeunana, anu sok
disebut ogé klimaks.
d) Ngaréngsékeun masalah (Anti-klimaks)
Masalah nu aya mimiti
diréngsékeun. Carana ogé bisa rupa-rupa, luyu jeung tungtutan carita. Aya nu ku
cara maéhkeun salasahiji palakuna, ngaleungitkeun hal anu jadi masalah téa, jeung
sajabana.
e) Pungkasan carita
Pungkasan carita biasa ogé
disebut denouement, mangrupa tungtung kajadian carita. Rupaning rusiah geus
kabuka, nu hianat geus katohyan, pacengkadan geus lubar, kapanasaran geus
dilakonan, jeung sajabana.Galur sering disebut ku istilah plot. Plot biasana nyumput
dina jalan carita minangka wujudiah tina galur. Galur carita bisa dibagankeun
saperti ieu di handap.
Turning Point (Klimaks)
Rising Action Ending
(Konflik muncer)
(Ngaréngsékeun masalah)
Complication (Muncul konflik)
Exposition (Bubuka)
Henteu salawasna galur
carita téh ngaguluyur saperti kitu. Nu
matak dumasar kana wandana aya nu disebut galur marélé, bobok tengah,
jeung galur mundur (pandeuri ti heula).
Kahiji, galur
marélé, nyaéta galur carita anu
ngaguluyur ti bagian ka bagian, ti mimiti manggalasastra nepi ka pungkasan
carita. Umumna carita-carita heubeul ngagunakeun alur marélé.
Kadua, galur bobok tengah nyaéta galur carita anu henteu ngagunakeun manggalasastra atawa bubuka.
Tara ngawanohkeun heula anu ngalalakon, anu maca téh ujug-ujug dibawa ka
tengah-tengah carita. Sakapeung pungkasan caritana ogé tara aya deuih. Nepi ka
nutupkeun carita téh kudu dikira-kira ku nu maca.
Katilu, galur mundur nyaéta galur carita anu dimimitian
ku bagian pamungkas. Bagian saterusna mangrupa runtuyan kajadian anu nerangkeun
atawa jadi pamuka pungkasan carita anu
geus diheulakeun téa. Alur mundur bisa
aya dina sagemblengna carita, bisa ogé dina salasahiji bagian carita. Alur
mundur biasa ogé disebut flashback.
3) Latar (Setting) Cerita
Latar carita téh mangrupa tarjamahan tina istilah setting. Aminuddin (2002:62)
nétélakeun yén setting minangka latar
kajadian dina karya fiksi boh mangrupa tempat, waktu boh kajadian, sarta mibanda fungsi fisikal jeung
fungsi psikologis. Nurutkeun Abrams (1981:173), latar carita bisa tempat umum (general locate), waktu kasajarahan (historical time), jeung kabiasaan
masarakat (social circumtance) dina
babagian carita.
Latar téh aya dua rupa nya éta latar tempat
jeung latar waktu. Latar tempat
nuduhkeun di mana kajadianana, ari latar waktu nuduhkeun iraha
kajadianana.Latar tempat biasana dicaritakeun dina awal-awal carita. Aya kalana
latar tempat téh mangrupa unsur penting dina carita.
c. Sarana Sastra
Sarana sastra mangrupa unsur-unsur karya sastra anu raket patalina jeung
tilu unsur, nyaéta (1) puseur sawangan, (2) gaya basa, jeung (3) judul carita.
1) Puseur Sawangan
Puseur implengan (point of view)
mangrupa tempat sastrawan nyawang caritana. Tina éta tempat sastrawan
nyaritakeun tokoh, kajadian, tempat, jeung waktu ku gayana sorangan (Siswanto,
2008:181).
Puseur sawangan aya bédana puseur carita (fokus pengisahan). Puseur
sawangan nyaritakeun fungsi pangarang (pencerita) dina hiji carita, ari puseur
carita masualkeun tokoh mana anu dipentingkeun ku pangarang. Palebah dieu, Sudjiman (1992:78) nétélakeun yén:
Sudut pandang atau point of view dan fokus pengisahan mempunyai titik tolak yang
berbeda; berbicara tentang sudut pandang, orang bertolak dari penceritanya,
yaitu tempat pencerita di dalam hubungannya dengan ceerita atau posisi
pencerita di dalam membawakan kisahnya. Adapun berbicara mengenai fokus
pengisahan orang bertolak dari tokoh-tokoh mana yang disorot pencerita, pusat
perhatian, pusat sorotan atau fokus pengisahan si pencerita.
2) Basa dina Carita Pondok
Carita pondok kagolong kana karya sastra naratif nu mindeng ngagunakeun
basa nu cenderung sipatna stilistik atawa ngandung gaya basa. Ari basa nu
stilistik téh sipatna mentingkeun kaéndahan, anu sakapeung nyimpang atawa
patukang tonggong jeung kaédah basa sapopoé. Dina carita pondok, aspék
kréativitas atawa karancgaéan jadi ciri pangarang dina midangkeun caritana ku
cara maké basa nu éndah. Basa dina carita pondok mangrupa eunteung kaéndahan nu
sipatna hayalan (réfléksi artistik imajinatif) pangarangna kana réalitas
kehirupan. Unsur gaya basa dina carita
nyoko kana dua maksud. Kahiji, raket
patalina jeung basa injeuman (figurative
language) anu aya dina carita pondok.
3) Judul Carita
Judul atawa titél mangrupa
étikét, labél, mérek, atawa ngaran anu dipaké ku wacana atawa karangan. Judul
téh gedé gunana pikeun mikat kapanasaran nu maca kana pasualan nu keur
dicaritakeun. Judul sipatna simbolis tur mangrupa slogan anu midangkeun topik
dina wangun nu pikatajieun. Ku kituna, judul kudu saluyu tur ngawakilan
sagemblengna eusi karangan, écés, tur singget.
Judul carita mangrupa
ngaran tina éta carita. Ilaharna judul carita dijieun sanggeus carita réngsé.
Judul carita kudu luyu jeung eusi carita. Contona waé, judul carpon “Neng Yaya
Gering Tipes” karya Karna Yudibrata saluyu jeung eusina anu nyaritakeun tokoh
Néng Yaya katarajang gering tipes.
. Pedaran Matéri
1. Watesan Carita Pondok
Carita pondok (carpon) téh mangrupa karangan prosa
fiksi anu wangunna pondok (Atmazaki, 1990:28).
Minangka salasahiji wangun karya sastra, carita pondok kagolong kana
karya imajinatif anu ciri hasna hayalan, maké basa anu sipatna konotatif, tur nyumponan konvénsi
éstétika (Sumardjo & Saini KM., 1984:18).
Carita pondok téh nyaéta
carita rékaan (fiksi) tina tingkah laku manusa anu nyaritakeun kahirupan
masarakat atawa manusa sapopoé anu méré kesan lir enya-enya kajadian. Eusina
biasana teu leupas tina ajén atikan jeung moral pikeun pieunteungeun atawa
picontoeun hususna anu macana.
Sumarsono (1986) nétélakeun yén carita pondok téh nyaéta
karangan fiksi dina basa lancaran, hartina naon-naon anu dicaritakeun ku
pangarang téh henteu kudu enya-enya kajadian ku dirina. Tapi sok sanajan
mangrupa fiksi, carpon téh kudu nyindekel kana réalita. Réalitas téh mangrupa kanyataan sapopoé nu kaharti ku
akal.
2.
Ciri-ciri Carita Pondok
Unggal carita
miboga ciri anu mandiri anu ngabédakeun jeung karya lianna. Carita pondok
ngabogaan ciri-cirina nu mandiri. Sumardjo (1980) nyebutkeun yen carita pondok
teh wangun fiksina pondok, sifat caritana
naratif, lain argumentatif, carita
fiksi tapi kudu réalistis mangrupa hiji kajadian.
Tarigan
(1994:177-178) nyebutkeun sapuluh ciri
carita pondok, nyaéta (1) Wangun fiksina pondok; (2) Sifat caritana
naratif; (3) Caritana
mangrupa karangan fiksi;
(4) Eusi
carita umumna réalistis;
(5) Carita
pondok kudu mangrupa hiji kajadian; (6) Basa nu digunakeun kudu singget tapi munel,
seukeut, sugestif jeung ngirut;
(7) Eusina
téh kudu numuwuhkeun efek ka nu maca; (8) Caritana
ngandung harti interpretasi pangarang kana hiji kajadian; (9) Caritana
ngalalakonkeun tokoh utama;
jeung
(10) Jumlah kecapna kawatesanan.
3.
Kamekaran Carita Pondok
Carita pondok
mimiti aya dina
pajemuhan sastra Sunda dina majalah Parahiangan,
ahir taun 1920-an. Ari kumpulan carita pondok anu munggaran dina basa Sunda nya
éta Dog-dog Pangréwong karangan G.S.
anu medal taun 1930. Jadi leuwih ti heula genep taun, upama dibandingkeun jeung
buku carita pondok munggaran dina sastra Indonésia, Téman Duduk karangan M. Kasim, anu terbit taun 1936.
Ceuyahna carita
pondok dina sastra Sunda pangpangna sabada merdéka. Sumebarna umumna ngaliwatan
majalah-majalah jeung suratkabar Sunda. Nepi ka kiwari henteu robah, umumna
carita pondok mah sumebar ngaliwatan majalah jeung suratkabar. Upama aya buku
kumpulan carita pondok anu medal, méh saratus persén carita pondokna téh kungsi
dimuat dina salasahiji majalah atawa suratkabar.
Minangka gambaran sejen tina
kamekaran carita pondok, di antarana, ebreh tina buku-buku kumpulan carita
pondok. Geura urang tataan sawatara judul buku kumpulan carita pondok katut
pangarangna atawa nu ngumpulkeunana. Contona: (1) Aam Amilia: Panggung Wayang; (2) Abdullah
Mustappa: Nu Teu Kungsi Kalisankeun; (3) Ahmad Bakri: Ki Mérébot, Ayatrohaédi: Hujan Munggaran; (4) Caraka (sandiasma Wiranta): Néangan; (5) Éddy D. Iskandar: Tali Asih anu Nganteng, Lembur Singkur Panineungan; (6) Godi Suwarna: Murang-maring, Serat Sarwasatwa; (7) I. Asikin: Nu Tepung di Imah Dukun; (8) Iskandarwassid:
Halimun Peuting; (9) Karna Yudibrata: Kanyaah Kolot; (10) Ki Umbara: Diwadalkeun ka Siluman; (11) Kis WS: Mirah Dalima; (12) Maman
MS: Tamba Hanaang; (13) R.A.F. (Rahmatullah Ading
Affandi): (14) Carita Biasa, Dongéng Énténg ti
Pasantrén; (15) Rusman Sutiasumarga: Papacangan; (16) Taufik Faturrohman: Kun Fayakun; (17) Tini Kartini: Nyi Karsih, Paséa, jeung Jurig; (18) Usép Romli HM: Jiad Ajéngan, Ceurik Santri; (19) Yus Rusyana: Di Luhureun Jukut Reumis, Jajatén Ninggang
Papastén.
Salian ti éta, aya antologi
carita pondok, nya éta Kanjut Kundang
(dihijikeun jeung puisi katut sempalan novel) beunang Ajip Rosidi jeung
Rusman Sutiasumarga, Sawidak Carita Pondok dikumpulkeun ku
Duduh Durahman, Abdullah Mustappa, jeung Karno Kartadibrata, Guriang Tujuh, kumpulan karya
parapangarang wanita “patrem”, Petingan,
beunang Duduh Durahman, Salumar Sastra
(dihijikeun jeung puisi katut éséy), mangrupa kumpulan pinunjul “Hadia Sastra
LBSS”.
4. Unsur Intrinsik Carita
Pondok
Unsur intrinsik mangrupa
unsur-unsur anu ngawangun karya sastra. Unsur-unsur intrinsik karya sastra
winangun prosa bisa dipaké ku carpon. Dina umumna mah unsur-unsur carpon téh
ngawengku tokoh jeung watekna; galur (plot)
nu patali jeung téhnik nyaritakeun (penceritaan); latar (setting) anu nyoko kana tempat, waktu, jeung suasana; téma, amanat
atawa pesan; puseur sawangan jeung puseur carita; jeung gaya basa (Sudjiman,1992:103).
Robert Stanton (1965:11,25) nyebutkeun tilu unsur intrinsik, nyaéta (1) fakta carita (galur, tokoh, jeung latar), (2) téma, katut (3) sarana sastra (literary devices) saperti puseur sawangan (point of views), gaya, jeung judul. Baganna kieu.
Téma
Alur
Fakta cerita penokohan
UNSUR INTRINSIK Latar
Pusat
Pengisahan
Sarana
Sastra Gaya dan nada
Judul
a. Téma jeung
Amanat Carita
1) Téma Cerita
Téma mangrupa
ideu tina hiji carita. Nya téma anu ngadadasaran ayana carita sarta jadi
pamiangan pangarang dina midangkeun karya rékaan anu diciptana (Aminuddin,
2002:107-108). Téma téh nyaéta inti pikiran atawa puseur implengan pangarang.
Pikeun nangtukeun hiji téma, urang kudu maca éta carita sagemblengna. Upamana baé téma cinta,
kapahlawanan, kulawarga, atikan, lingkungan
hirup, jeung sajabana.
2)
Amanat Cerita
Téma raket patalina jeung amanat. Dina manggihan téma, nu maca saenyana
bisa manggihan ajén-inajén didaktis nu patali jeung masalah manusa katut
kamanusaan sarta hirup jeung kahirupan. Kapanggihna ajén-inajen téh ilaharna rupa-rupa
gumantung kana daya tafsir nu macana (Aminuddin, 2002:110).
Amanat nyaéta gagasan anu ngadadasaran karya sastra; pesen anu hayang
ditepikeun ku pangarang ka nu macana. Dina karya sastra modéren, amanat téh
biasana nyamuni, ari dina karya sastra buhun mah umumna amanat téh nembrak
(Siswanto, 2008:162).
Amanat nyarankeun ajaran moral atawa
hadé-goréng anu bisa ditarima umum perkara kalakuan, sikep, kawajiban, ahlak, budi pekerti, jeung susila.
b. Fakta Carita
1) Tokoh Carita
Palaku atawa
tokoh carita nya éta ngaran-ngaran, boh jalma boh sasatoan, anu ngalakon dina
carita. Loba saeutikna palaku dina carita, gumantung kana kabutuh caritana baé.
Umumna palaku dina carita pondok saeutik.
Pasipatan hiji jalma raket patalina jeung kaayaan sosialna.
Dumasar kana kalungguhanana
atawa pentingna peran masing-masing dina carita, palaku téh bisa dibagi jadi
tilu rupa:
(a)
Palaku
Utama
Palaku
utama atawa palaku kahiji, disebut ogé protagonis, nya éta palaku anu
nyekel peran ti awal nepi ka ahir. Tokoh
protagonis biasana ngabogaan karakter anu pikaresepeun, pikayungyuneun,
cindekna tokoh anu bageur.
(b)
Palaku
kadua
Palaku
kadua, nya éta palaku anu marengan, maturan, atawa jadi lawan palaku utama.
Upama éta palaku kadua téh lawan palaku
utama, sok disebut antagonis. Tokoh antagonis karakterna biasana réhé,
pikasebeleun, anu cindekna mah tokoh anu jahat.
(c)
Palaku
Tambahan
Palaku
tambahan nya éta parapalaku anu peranna teu pati penting. Biasana palaku utama dipikabutuh pikeun ngalancarkeun carita, ngahirupkeun suasana, nonjolkeun karakter
palaku utama atawa palaku tambahan,
malah bisa jadi ngan ukur ngaliwat wungkul. Nurgiyantoro (2007:177-194)
nyebutan sababaraha rupa tokoh anu aya dina carita saperti ébréh dina tabél ieu
di handap.
Papasingan
|
Wanda Tokoh
|
Dumasar kana
tahapan atawa peran palaku dina mekarkeun galur atawa kautamaan tokoh.
|
Tokoh utama (central character, main character)
jeung tokoh panambah (peripheral
character)
|
Dumasar kana
fungsi tagog tokoh.
|
Tokoh
protagonis jeung tokoh antagonis
|
Dumasar kana
cara midangkeun tokoh katut watekna.
|
Tokoh datar
atawa tokoh sederhana (simple or flat
character) jeung tokoh ruwed tur buleud (complex or round character)
|
Dumasar kana
mekar henteuna watek tokoh.
|
Tokoh statis
(static character) jeung tokoh
mekar (developing character).
|
Dumasar kana
ngeunteungkeun tokoh carita
|
Tokoh tipikal
(typical character) jeung tokoh
nétral (netral character)
|
Pikeun ngagambarkeun watek
tokoh, biasana pangarang ngagunakeun dua téhnik, nyaéta (1) téhnik pedaran
jeung (2) téhnik ragaan (Abrams, dina Nurgiyantoro, 2007:194). Dina téhnik
pedaran, pangarang ngagambarkeun kalawan langsung tur wincik ngeunaan tokoh
carita saperti jatidiri, sipat, watek, paripolah, malah ciri warugana tur
dianalisis data-datana ngeunaan hadirna tokoh. Dina téhnik ragaan, pangarang
ngagambarkeun watek tokoh ku cara teu langsung saperti ku paguneman tokoh. Éta dua téhnik téh bisa
digunakeun babarengan nepi ka ngalahirkeun téhnik campuran.
2) Galur (Plot) Carita
Galur mangrupa runtuyan carita anu diwangun tina tahapan
kajadian nepi ka ngawujud gunggungan carita nu dimunculkeun ku tokoh carita.
Galur minangka runtuyan kajadian dina karya sastra pikeun ngahontal éfék nu
tangtu (Sudjiman, 1992). Éta runtuyan
carita téh bisa diwujudkeun ku runtuyan waktu bisa ku runtuyan sabab-akibat. Galur diwangun ku sababaraha
unsur saperti ieu di handap.
a)
Bubuka
atawa manggalasastra (éksposisi)
Babagian
bubuka nyaéta bagian anu nyaritakeun latar tempat, waktu, katut palakuna.
Minangka ngawanohkeun anu rék ngalalakon katut kasang tukang séjénna anu
dianggap perlu.
b)
Muncul
masalah (Konflik)
Carita
bagerak nepi ka timbul masalah (konflik). Jalanna rupa-rupa. Masalah bisa
timbul antara palaku utama jeung palaku kadua, jeung lingkunganana, atawa anu
timbul ti diri si palaku utamana
sorangan.
c)
Masalah
muncer (Klimaks)
Masalah
téh mimiti ngarékahan, ngalobaan, atawa ngajeroan, nepi ka muncerna. Bagian ieu
mangrupa puncer kajadian dina carita tina runtuyan kajadian saheulaeunana, anu
sok disebut ogé klimaks.
d)
Ngaréngsékeun
masalah (Anti-klimaks)
Masalah
nu aya mimiti diréngsékeun. Carana ogé bisa rupa-rupa, luyu jeung tungtutan
carita. Upamana waé ku ngaleungitkeun
hal anu jadi masalah téa.
e)
Pungkasan
carita (denouement)
Pungkasan carita
mangrupa tungtung kajadian carita. Rupaning rusiah geus kabuka, nu hianat geus
katohyan, pacengkadan geus lubar, jeung kapanasaran
geus dilakonan.
Henteu salawasna
galur carita téh ngaguluyur saperti
kitu. Nu matak dumasar kana wandana aya nu disebut galur marélé, bobok
tengah, jeung galur mundur.
Kahiji, galur marélé, nyaéta galur carita anu
ngaguluyur ti bagian ka bagian, ti mimiti manggalasastra nepi ka pungkasan
carita.
Kadua, galur
bobok tengah nyaéta galur carita anu teu ngagunakeun bubuka. Tara ngawanohkeun heula anu
ngalalakon, anu maca téh ujug-ujug dibawa ka tengah-tengah carita. Sakapeung
pungkasan caritana ogé tara aya deuih, kudu
dikira-kira ku nu maca.
Katilu,
galur mundur (flashback) nyaéta galur carita anu
dimimitian ku bagian pamungkas. Bagian saterusna mangrupa runtuyan kajadian anu
nerangkeun atawa jadi pamuka pungkasan
carita anu geus diheulakeun téa.
3) Latar (Setting)
Cerita
Aminuddin (2002:62) nétélakeun yén
setting minangka latar kajadian dina
karya fiksi boh mangrupa tempat, waktu boh
kajadian, sarta mibanda fungsi fisikal jeung fungsi psikologis. Latar
carita bisa tempat umum, waktu kasajarahan, jeung kabiasaan masarakat dina
babagian carita.
Latar
téh aya dua rupa nya éta latar tempat jeung latar waktu. Latar tempat nuduhkeun di mana kajadianana, ari latar
waktu nuduhkeun iraha kajadianana. Latar tempat biasana dicaritakeun dina
awal-awal carita.
c. Sarana Sastra
1. Puseur Sawangan
Puseur implengan (point of view)
mangrupa tempat sastrawan nyawang caritana. Tina éta tempat sastrawan
nyaritakeun tokoh, kajadian, tempat, jeung waktu ku gayana sorangan (Siswanto,
2008:181). Puseur sawangan aya bédana jeung puseur carita (fokus pengisahan).
Puseur sawangan nyaritakeun fungsi pangarang (pencerita) dina hiji carita, ari
puseur carita masualkeun tokoh mana anu dipentingkeun ku pangarang.
Keraf
(1992:192) ngabagi puseur sawangan jadi dua rupa, nyaéta puseur sawangan jalma
kahiji (kuring) jeung puseur sawangan
jalma katilu (manéhna). Puseur
sawangan jalma kahiji nyoko kana narator salaku tokoh utama, narator salaku
panitén, jeung narator salaku panitén langsung. Puseur sawangan jalma katilu
nyoko kana puseur sawangan sagala nyaho (panoramik), puseur sawangan ngamalir,
jeung puseur sawangan campuran.
b. Basa dina Carita Pondok
Carita pondok kagolong kana karya sastra naratif nu mindeng ngagunakeun
basa nu cenderung sipatna stilistik atawa ngandung gaya basa. Ari basa nu
stilistik téh sipatna mentingkeun kaéndahan, anu sakapeung nyimpang tina kaédah
basa sapopoé.
Basa dina carita pondok mangrupa eunteung kaéndahan nu sipatna hayalan
(réfléksi artistik imajinatif) pangarangna kana réalitas kehirupan. Harti
saujratna (dénotatif) kekecapanana diimbangan ku harti injeuman (konotatif)
pikeun nimbulkeun éfék jeung kesan (imprési) éndah tur pikatajieun.
Unsur
gaya basa dina carita nyoko kana dua maksud. Kahiji, raket patalina jeung basa injeuman saperti gaya basa rarahulan, rautan,
ngupamakeun, ngasor, meupeuh lemes, jeung ocon dina ngarakit carita. Kadua, gaya kedaling pangarang
dina caritana. Upamana waé, aya
gaya Yus Rusyana, Karna Yudibrata, jeung Iskandarwassid.
c. Judul Carita
Judul
atawa titél mangrupa étikét, labél, mérek, atawa ngaran anu dipaké ku karangan.
Judul téh gedé gunana pikeun mikat kapanasaran nu maca kana pasualan nu keur
dicaritakeun. Judul sipatna simbolis tur mangrupa slogan anu midangkeun topik
dina wangun nu pikatajieun. Ku kituna, judul kudu saluyu tur ngawakilan
sagemblengna eusi karangan. Dijieunna samémeh atawa sanggeus karangan réngsé (Sudaryat,
2007:132).
|
6.
Ngarang Carita Pondok
Ari ngarang téh
ilaharna nyoko kana istilah nulis karya sastra. Dina dasarna ngarang téh
mangrupa kagiatan nepikeun pesen (gagasan, pikiran, rasa, jeung kahayang) ti nu
ngarang ka nu maca ku médium basa. Ngarang mangrupa kagatan rohani jeung
kagiatan jasmani. Dina waktu ngarang sastra, daya pikir, rasa, jeung wangwangan
babarengan ngahiji jadi nu dirarasakeun tur dirékacipta jadi perkara anyar.
Lantaran nyipta perkara anyar, kagiatan ngarang téh mangrupa kagiatan kréatif.
Kagiatan kréatif béda jeung kagiatan niru atawa nepikeun deui anu ngahasilkeun
tiruan atawa citakan. Kagatan sastra lain kagiatan niru, tapi mangrupa kagiatan
nyipta (Rusyana, 1982:4).
Ngarang carita
pondok kagolong kana kagiatan nyipta karya sastra. Aya sawatara léngkah dina
ngarang carita pondok (Saputra, 2015), nyaéta: (1) Kumpulkeun sababaraha gagasan
pikeun sumber carita; (2) Mimitian
ku dadasar carita pondok; (3) Téangan
inspiriasi ti jalma-jalma nu aya di sabudeureun urang;. (4) Pikawanoh watek tokoh anu rék
dicaritakeun; (5) Tangtukeun
saha anu bakal cacarita; (6) Ngéntép
seureuhkeun pikiran; (7) Mimiti
ngarang; (8) Kalimah
mimiti nu pikatajieun; (9) Carita
sina ngamalir sorangan; (10) Teu
weléh nulis; jeung (11) Nyunting
karangan.
Jaba ti éta, aya nu kudu disingkahan dina ngarang carita pondok. Hal-hal
anu kudu disingkahan dina ngarang carita pondok, di antarana waé: (1) Aya carita dina jero carita; (2) Dadaran carita kaleuleuwihi; (3) Teu écés saha nu cacarita;
(4) Réa teuing tokoh nu diangkat; (5) Amanat
dina carpon teu katepikeun; (6) Réa
teuing ngagunakeun gaya basa; 7) Karangan
acak-acakan.
Komentar
Posting Komentar